PMI Moal Eureun Kanggo Ngalawan Covid-19

Foto: Humas Kota Bandung

Wali Kota Bandung, Oded M. Danial reueus ku ayana perjuangan Palang Mérah Indonésia (PMI) Kota Bandung. Sumanget ti PMI Kota Bandung justru moal ngejat nyanghareupan pandemi ieu dina ngadamel Posko Covid-19.

Dumasar ti situs resmi Humas Kota Bandung. Kang Odéd ngahaturkeun nuhun ka PMI Kota Bandung nu gaduh sumanget luar biasa dina upaya nyanghareupan Covid-19 ieu.

“Saya salakuwali kota kedah ngahaturkeun nuhun ka PMI Kota Bandung nu gaduh sumanget luar biasa, tos gawé lima bulan ieu. Aranjeunna gaduh sumanget luar biasa ku ngadamel posko ieu,” saur Wali Kota, dikutip tina situs resmi Humas Kota Bandung (23/7/2020).

Anjeunna ngawanti-wanti, didamelna posko ieu teu ngan saukur jadi formalitas pemenuhan program PMI wungkul. Tapi kedah jadi pemicu supados sadaya élemén masyarakat tiasa ngiring terlibat kangg ngalwan pandemi Covid-19.

“Saya mihraep ku ayana posko ieu jadi sumanget warga Kota Bandung kanggo merangan covid,” saurna.

Kaleuwih anjeunna ninggal dugi ka ayeuna masih aya masyarakat nu haré-haré ka standarisasi protokol kaséhatan di temat umum. Uta,ama dina hal nganggo masker sareng kasadaran kanggo jaga jarak.

Sanaos Kota Bandung tos lebet mangsa Adaptasi Kebiasaan Baru (AKB/Adaptasi Kabiasaan Anyar), lain hartosna masyarakat tiasa haré-haré kana protokol kaséhatan. Justru faktor panangtu berhasilna ngalawan Covid-19 aya di kadisplinan masyarakat.

“Nu paling hawatos téh nyaéta parilaku masyarakat dina physical distancing. Tos teu nganggo masker, seueur karumunan. Ieu nu kedah terus kami pantau ogé dihadirkeun édukasi ka aranjeunna,” saurna.

Wali Kota miharep dina ayana Posko Covid-19, PMI tiasa gaduh peran langkung signifikan dina ngabantos tim Gugus Tugas Percepatan Penanganan Cpvid-19 Kota Bandung. Utamana dina ngabimbing masyarakat sangkan teu nyepélékeun langkah-langkah penanganan pandeemi Covid-19.

“Saya tos ningal kinerja aranjeunna ngadamel pos di kawilayahan ogé ieu kedah ditingkatkeun. Intina kumaha kami ngaédukasi masyarakat supados terus disiplin. Pami éta tos disiplin, saya yakin Covid tiasa musnah,” saurna.

Ku kituna, Ketua PMI Kota Bandung, Adé Koesjanto nyarios yén dina ayana Posko Covid-19 ieu nyieun PMI Kota Bandung langkun fokus dina nyekel virus corona. Utamana kanggo ngalakonan sababaraha langkah panyegahan atawa antisipasi panyebaran virus.

“Standarna dina protokol kaséhatan kanggo adaptasi kabiasaan anyar ieu. Lami ngalaksanakeun édukasi ogé sosialisasi ka masyarakat. Jelang Idul Adha kami laksanakeun disinféktan ka masjid masjid atawa tempat pameuncitan kurban,” saur Adé.

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *